5 Dongeng Sunda Pendek Berbagai Tema, Lengkap dengan Terjemahannya

Inas Rifqia Lainufar
5 Dongeng Sunda Pendek (FOTO: ISTIMEWA)

Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena. 

Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sarangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. 

Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap tehteu ka luar deui. 

Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas.

Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok teh bangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit teh kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah maneh mah ngareureuwas!” . 
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu teh wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui. 
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh. 

Editor : Agus Warsudi
Artikel Terkait
57 tahun lalu

6 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema yang Bisa Dipelajari Siswa

57 tahun lalu

Kisah Lutung Kasarung, Legenda Tatar Pasundan Sarat Pelajaran Berharga

57 tahun lalu

10 Lagu Sunda Viral, Berisi Nasihat hingga Kisah Percintaan

57 tahun lalu

5 Contoh Biantara Bahasa Sunda yang Mudah Dipelajari dalam Berbagai Tema, Simak di Sini!

57 tahun lalu

Ganjar Pranowo Lestarikan Seni Tradisional Sunda, Relawan Gelar Pertunjukkan Calung di Bandung

Berita Terkini
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
Network Updates
News updates from 99+ regions
Personalize Your News
Get your customized local news
Login to enjoy more features and let the fun begin.
Kanal