Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.
(Sumber: bahasasunda.com)
Hawa isuk anu tiis maturan léngkah gurung gusuh Siti ka Sakola. Di jalan, anjeunna ningali réa réréncanganna angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan séjénna. Sakapeung mah Siti gé hayang angkat ka sakola bari nyalsé, teu kudu lulumputan kawas kieu.
Siti sumping di sakola pas pisan bél disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola. Karék gé rék asup ka kelas, salah saurang réncangna ngagorowok tarik pisan, “Siti! Kabiasaan ih telat waé. Matakan mun angkat ka sakola téh ari teu boga motor mah naék angkot, béh teu kabeurangan. Untung wé can aya guruna.” Siti cicing teu némbalan cariosan réncangna. Hayangna mah kitu Siti gé, mung anjeunna kudu hémat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.
Saatos diuk dina korsina, ka kuping deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun. “Uyuhan ih telat waé. Ceuk kuring mah coba manéhna téh naék angkot,” celetuk réncangna nu hiji. “Heueuh ih. Padahal da ongkos naék angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” témbal nu lain. Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita kénéh, mung anjeunna kudu kuat.
Isukanana, Siti angkat ka sakola subuh kénéh. Langit gé poék kénéh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yén anjeunna moal kabeurangan deui.