Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé.
Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.