Dina zaman ieu seueur pisan jalmi anu kajerat kana pergaulan bebas, zinah tos ibarat hal nu teu aneh, dianggap biasa dugi kajantenan di mana-mana, mabok, judi, sareng sajabana tos janten hal lumrah.
Jaga pondasi urang supados teu kabawa kusakaba-kaba, komo zaman kiwari mah sagala rupina pikahariwangeun.
Dina momentum Maulid Nabi ieu, hayu urang tiru sareng jantenkeun teladan akhlak mulia Nabi Muhammad Saw teh, urang jagi barudak urang sadayana tina pergaulan bebas, mugia urang dipaparin kasalametan di dunia sareng akherat ku Gusti Allah.
Rupina sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring, hapuntena pami aya cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, mugia urang sadayana tiasa ngagaduhan akhlak sapertos kanjeng Nabi urang sadayana.
Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
4. Pidato 4
Assalamu’alaikum Wr.Wb
Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, wabihi nasta’inu ‘alaa umuriddunya waddiin. Wassholatu wassalamu ‘alaa asyrofil mursaliin, wa’alaa aalihi wa sohbihi ajma’iin. Amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Allah nu maha ghafur, anu parantos masihan ka urang sadaya mangrebu-rebu nikmat, mudah-mudahan urang sadaya kalebetkeun golongan hamba-hamba anu bersyukur sanes golongan hamba-hamba anu kufur kana nikmat Allah.Shalawat sinareng salam mugia sapapaosna digoloncorkeun ka nabi urang sadaya nu jadi panuntungan sadaya nabi nyatana Nabi Muhammad SAW, sinareng kulawargana, sohabatna, mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin anu dimulyakeun ku gusti Alloh,
Ngadegna abdi di dieu insyaallah bakal ngadugikeun pidato ngenaan hiji hal anu penting mungguh urang sadaya nyaeta ngenaan “Maulid Nabi Muhammad SAW”.
Dina dinten ayeuna urang sadayana nuju miéling acara Maulid Nabi Muhammad SAW, tegesna urang sadaya nuju miéling dintenan lahirna kanjeng Nabi Muhammad SAW ka alam dunia.