Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan sadayana bilih dina panghormatan, sajian, atanapi leetennana kirang mernah kana manah, kirang cocok kana hate, da mung sakieu ayana.
Dupi kanggo ngesi acara Maulid ieu sakumaha biasana, nyaeta bade di aosken riwayat nabi dina kitab AlBarjanji, nu bade di aos ku bapa (…) sareng rerencangan, mugi urang sadaya nu ngadanguken, nu ngabandungan ie riwayat kenging safaat ti rosulallah di dunya atanapi di akheratna. (Amin)
Mangga nyanggaken ka bapa (…) nu bade maosken Kitab Albarjanji. Cekap ngan sakitu wae anu tiasa ku sim kuring tepikeun, wassalamu'alaaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
Contoh Pidato Maulid Nabi Muhammad SAW Pendek dan Singkat
2. Pidato 2
Assalamu’alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh
Puji sinareng sukur hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT anu parantos maparinan ni’mat anu teu kaétang diantarana ni’mat iman, ni’mat Islam sareng ni’mat kaséhatan. Kalayan berkah éta urang tiasa hadir dina tempat anu bagja ieu.
Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, anu parantos ngaleungitkeun urang tina jaman jahiliyah dugi ka jaman anu terang.
Contoh Susunan Acara Maulid Nabi Lengkap dari Pembukaan hingga Penutup
Para hadirin anu dipikahormat, dina kasempetan ieu simkuring baris nepikeun hiji judul, nya eta piwejang “Nyonto Rasulullah Saw pikeun Nyaring Dampak Negatip Media Sosial”
Média sosial téh kawas dua sisi koin a. Bisa boga pangaruh positif, tapi ogé bisa boga pangaruh négatip. Pamakéan média sosial tangtos hésé pisan dipantau, khususna di kalangan rumaja anu langkung terang kana média sosial ieu.