5 Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema

Ami Heppy S
IPidato Bahasa Sunda (Foto: Istimewa)

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.
Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat.
Misalna mersihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur.
Urang teh kedah mikacinta kana kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya.
Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul.
Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngabagjakeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.
Waalaikum salam Wr.Wb.

Editor : Komaruddin Bagja
Artikel Terkait
57 tahun lalu

5 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur

57 tahun lalu

4 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun

57 tahun lalu

Contoh Pidato Bahasa Jawa Singkat tentang Kebersihan

57 tahun lalu

7 Contoh Teks Pidato Bahasa Jawa Lengkap Berbagai Tema, Singkat dan Mudah Dihafalkan

57 tahun lalu

7 Contoh Pidato Bahasa Jawa Singkat Berbagai Tema, Perpisahan Sekolah hingga Pernikahan

Berita Terkini
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
Network Updates
News updates from 99+ regions
Personalize Your News
Get your customized local news
Login to enjoy more features and let the fun begin.
Kanal