Get iNews App with new looks!
Mode Gelap
Advertisement
Aa Text
Share:
Read Next : Contoh Teks Ceramah Maulid Nabi Bahasa Sunda, Singkat Penuh Hikmah
Advertisement . Scroll to see content

10 Contoh Teks Pidato Singkat Bahasa Jawa dan Sunda

Kamis, 25 Mei 2023 - 20:26:00 WIB
10 Contoh Teks Pidato Singkat Bahasa Jawa dan Sunda
Contoh teks pidato singkat Bahasa Jawa dan Sunda (Foto: Istimewa)
Advertisement . Scroll to see content

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allahumma, amiin… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Rerencangan sadaya anu dipihurmat.Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2. Pidato bahasa Sunda tentang kesehatan

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urang tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.
Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat.
Misalna mersihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur.
Urang teh kedah mikacinta kana kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.
Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya.
Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.
Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul.
Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngabagjakeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Follow WhatsApp Channel iNews untuk update berita terbaru setiap hari! Follow

Related News

 
iNews Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik lebih lanjut