Lirik Lagu Manuk Dadali, Diciptakan oleh Penyiar Radio Terkenal asal Bandung
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
(Terbang melesat tinggi jauh di angkasa)
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
(Membentangkan sayapnya tampak tanpa keraguan)
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
(Kukunya runcing dan paruhnya melengkung)
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
(Menjelajahi awan sambil terbangnya cepat menyambar)
Saha anu bisa nyusul kana tandangna?
(Siapa yang bisa menyusul gerak langkahnya?)
Tandang jeung gagahna moal aya duana
(Gerak langkah dan gagahnya tidak akan ada duanya)
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
(Disegani dan ditakuti oleh sesama)
Taya karempan kasieun leber wawanenna
(Tiada gentar ketakutan, penuh keberanian)
Reff:
Manuk dadali manuk panggagahna
(Burung garuda burung yang paling gagah)
Lambang sakti Indonesia Jaya
(Lambang sakti Indonesia Jaya)
Manuk dadali ngandung siloka
(Burung garuda mengandung perlambang)
Resep ngahiji rukun sakabehna
(Senang bersatu rukun semuanya)
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
(Hidup rukun tidak saling iri hati)
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
(Saling menyayangi tidak gentar membela mati)
Nyandang harkat martabat bangsa nu utama
(Menjunjung harkat martabat bangsa yang utama)
Itulah lirik lagu Manuk Dadali yang hingga kini tetap menjadi salah satu warisan budaya membanggakan dan sering dinyanyikan dalam berbagai acara, baik formal maupun informal.
Editor: Kurnia Illahi