Contoh Sajak Sunda tentang Kehidupan: Menggali Makna Hidup dalam Setiap Bait
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jariji beusi pakgade milang ku Ramona
Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
Ngabokong jalma keur tibra"
Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara
Samemeh cunduk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan.
Ieu awak asa lalungse
Di rarasa asa car
Meureun loba digawe
Teu sirikna unggal poe
Mun teu ngarah moal ngarih
Hate pasrah najan peurih
Kacape heunteu di tolih
Moal aral komo deui sedih
Deuleu, panonpoe huhujanan
Boa pohaci marandi
Ieung, panonpoe teh cirambay
Boa aya nu digupay
Sssttt, geuing ieu hujan poyan
Boa karuhun keur moyan.