5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda Singkat, Bisa Jadi Bahan Ajar!
Nami wasta abdi soni, dibabarkeun di bandung, 13 Februari 1997, Kiwari abdi mumbara di kota Bogor sareng kacatut janten salah sahiji siswa kelas X, di sakola SMAN__ Bogor, Jurusan __.
Abdi mibogaan kahayang anu aya kaitana sareng lingkungan sarta kasehatan, terutamina sapertos olah raga sareng jogging. Pikeun abdi lingkungan sareng kasehatan téh mangrupakeun dua perkawis anu kalintang penting, nu aya patalina hiji sareng nu liana.
Pamugi kapungkur mah ti alit padamukan abdi caket sareng wahangan ciliwung, unggal usum panghujan bumi abdi tangtos kabanjiran ku mudalna eta wahangan kasebat.
Lumrahna abdi sareng keluargi sok ngungsi ka pelataran anu palih luhur di bumi sadérék abdi, dugi ka banjir réngsé. Perkawis ieu téh ka ulang noron unggal tauna, sapertos teu tiasa di tungkulan tina masalahna.
Dugi abdi lebet ka sakola SMA, abdi nyadar yén masalah banjir téh sabenerna lain saukur tanggung jawab pamarentah hungkul, nanging masyarakat ogé kedah ngiring tanggung jawab pikeun nyumponan éta masalah banjir.