Contoh Warta Bahasa Sunda Berbagai Tema, Bisa Jadi Referensi Tugas Sekolah
Pikeun mareuman seneu, patugas kabakaran ngusahakeun ku jalan ngaliwat tembok rohangan nu geus kabeleum di lantai dasar. Panyebeb kabakaran masih keneh di talungtik ku Polresta Pekanbaru.
Pemerintah Swedia ayeuna keur nimbangkeun sangkan ngalarang atanapi netapkeun aksi ngabakar Al-Qur’an atanapi kitab suci ajaran agama lianna teh tindakan nu ilegal. Langkah ieu teh dipertimbangkeun sanggeus aksi ngakabar Al-Qur’an, sababaraha poe ka tukang, dinilai ngarusak kaamanan Swedia.
Sapertos diwartakeun ku Reuters, Jum’at (7/7), saurang pangungsi Irak nu cicing di Swedia ngabakar salinan Al-Qur’an di luar hiji masjid di Stockholm minggu nu katukang, nu micu kamarahan umat muslim sadunya. Kritik oge ngalir ti rea pihak, kaasup Paus Pransiskus.
Dinas Kaamanan Swedia nyebutkeun tindakan samacam eta geus ngajieun nagarana kurang aman.
Awal tahun ieu, Kapolisian Swedia nolak sajumlah aplikasi izin demo anu ngalibatkeun aksi ngabakar Al-Qur’an ku alasan kaamanan.
Tapi pangadilan ngabatalkeun kaputusan kapolisian eta jeung negaskeun tindakan samacam eta dilindungi ku undang-undang (UU) anu ngatur kabebasan nyarita di Swedia.
Lalaki berinisial A (24) tatu raray lantaran ditilik ku gerombolan sanggeus katéwak maling tas anu eusina duit tunai Rp 23 juta dina mobil anu diparkir di Jalan Nusa Indah Raya, Pondok Kopi, Duren. Kacamatan Sawit, Jakarta Wétan, Salasa.