Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.
Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.
Asshaduallailahaillalah wa ashadu anna Muhamadar Rosulullah. Ama badu.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.